Adam lali lapel poho ka baraya jeung poho ka lemah cai
Adat ka kurung ku iga adat tèh hèsè digantina
Adèan ku kuda beureum beunghar ku barang tititpan atawa ginding ku pakèan batur
Adigung-adiguna gedè hulu, boga rasa leuwih ti batur. Kaciri dina laku-lampahna jeung omonganna.
Ajak Jawa ngajak anu heunteu saenyana, heunteu terus jeung hatè, ngan ukur papas baè, supaya ngeunaheun batur.
Akal koja Pinter dina kagorèngan atawa kajahatan
Aku panggung Darèhdèh jeung mèrè mawèh, ngan hanjakal ku ieu aing, asa pangpunjulna, pangbeungharna jst.
Aku-aku bangga Ngaku ngaran batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda. Ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng kalawan aya pangarahan, mamrih kahormatan atawa kauntungna
Aki-aki tujuh mulud Lalaki nu geus kolot pisan
Alak paul Tempat anu lain di kieuna, ngenaan jauhna jeung pisusaheunna
Alak-alak cumampaka Resep jeung hayang dipuji ku batur, boga rasa pangpunjulna. Atawa anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulia dst.
Alus panggung(alus alur) = alus laur, hadè omè Tegep dedeg pangadegna
Ambek nyedek, tanaga midek Ari napsu pohara gedèna, ngan hanjakal teu kaanteur ku tanaga, ma’lum geus ropoh
Anak emas Budak atawa kolot nu kacida dipikanyaahna. Teu kudu ku indung bapana baè, bisa ogè ku dununganna
Anak merak kukuncungan Sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadèan, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
Anak puputon Anak nu kacida di dama-damana, nu pohara di pikanyaahnya
Anjing ngagogogan kalong Mikahayang nu lain-lain, anu pamohalan pilaksanaeun
Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed Ari umur geus luhur, tapi hate ngongoraeun kènèh
Asa ditonjok congcot Meunang kabungah anu gedè, anu saenyana teu diarep-arep
Asa nanggeuy endog beubeureumna Kacida nyaahna
Asa potong leungeun katuhu Leungiteun jalma anu pohara hadè gawena
Asa tungkeb bumi alam Rarasaan jelema anu pohara bingungna, nuju poèk mongklèng pipikiranna
Aya astana sajengkal anu mustahil ogè bisa kajadian. Upamana, budak leutik kènèh geus maot, sabab sasarina mah nu geus kolot pisan anu maot tèh jst.
Aya bagja teu daulat Arèk meunang bagja atawa kauntungan, tapi teu tulus
Aya jalan komo meuntas Eukeur mah aya maksud, turug-turug aya pilantaraneunana
Aya peurah Aya komara, aya harga, aya pangaji
Ayakan tara meunang kancra Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung pangasilanana